Sabtu, 07 Mei 2011

sokawayana

Tinuluran urang lembur, sokawayana urang kota, kiwari baralik ngahudang rasa, ngaraga sukma malikeun eta carita, nu jelas aya carita di eta leluhurna.
nepungan nu jadi dulur, nu kiwari teu katinggal  akur, teuing naon sababna, jeung duka naon eta  maksudna.
duka kasaha kiwari nyebat eta carita teu jelas eta tunjukna. nu arulin kiwari ku hese baralik deui. piraku mumbara eweuh balikna.
nu leumpang can tepi maksadna, lain pedah wae teu ngajuang, nu ngajuang can tepi kana maksadna.
katangtuan nu ngaratuan eta jalan kahirupan.
leumpangna ku alot pisan, jiga menak balik di pamumbaraan, ma,lum menak leumpangna make aturan. nu ngajuang, lir arulinna warudak nuju kaindung.
lain pundung pedah  teu di teang, lain hudang ku berangna poe, kiwari mah ges waktuna wae, baralik ka makom makomna.
nu tepang kiwari lempang, nuju nojo kapileumburanna. sisimpangan nananyakeun, tatanjakan malikeun pasejaan, rehna kiwari ges jelas eta leumburna. balik.. balik.. kaleumbur, leumbur leumbur leluhurna.
kiwari mangsana balik, negri urang anu subur eta kampung anu hegar, kiwari urang makmurkeun, padumukan anu endah, pakampungan anu agung, kiwari baralik deui.
urang Sunda  narataskeun, urang sunda nungturunan, baralikana ka Indung. rehna jalan kahiyang Agung kiwari mukana caang. bentras narawangan, bulan bulan naembongan, bur bray deudeuleuan.
guyur satatar kota rame sabalabeja, dipakampungan kiwari geus makmur.
lain beja nu di beja beja, tapi beja aya caritana, ceuk nu dikampung ceuk nu dikota, kiwari mah guyub saleuleumbur, rehna kiwari urang lembur nyugemakeun datangna Ningrat Manusa, nu mawa beja anu pertela.
teu apal naon maksadna eta carita nyugemakeun kareungena, nudiantos eta wartana carita teu jelas eta nyusulna.
namung kedah kamana eta carita ku nyebar ka rahayatna. tatar sunda titis tulisna.
kiwari akur ketinggalna, urang lembur sugema dijna eta tarekahna, sauyunan ngabangun negrina, sili asah silih asuh, heman tur mawa berkah dina tarekahna.
lain nujo memeh usum, lain ninggal bentang nucan puray, kiwari nyorot socana, seukeutna paninggalna, maratan jagat eta caangna.
pamanenan hasil tatanen,  bubuwara nu ges lila kiwari katinggal hasilna.  pileumburan sugih ku harkatna makmur eta leumburna, kiwari ngawaluyakeun pangeusina.
lain beja cara kiwari, beja di beja, tapi nyata eta kiwari pileumburan sugih pangeusina. eta leumbur kacida suburna, hayu urang baralikeun deui ka manteuna, nu gaduh purwa ngajadi, jadi jadina eta kahirupan.
kota Cianjur anu ngahyang manggihan eta paleumburan, Cianjur nu mukakeun lalakon jagat sateuacanana.
mudah mudahan tong lami teuing... cara kiwari eta leumbur hariwang katinggalna...
mudah mudahan eta wakca ti leluhur wujud di eta alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar