Kamis, 12 Mei 2011

Cianjur anu ka Mashur karatuan Pajajran

Cianjur miwelas Asih tata budi anu peryoga, sumangga kiwari ngantosna.

Katelahna kota santri kota agung ku pangaweruhna, talajak mibanda eta kotana,
ma,lum luhung titisanna, menak ningrat tarah terehna, kasucian titisanna.
batu tulis nu jadi sabab ayana kadewataan, karajaan karatuan nungturunan di akhir jaman,
agung kutangtungna, luhung ku pangaweruhna. nitis neteskeun kaagungan di tataran tanah pasundan.
mangsa nujadi carita, sejarah nu ngahikayatkeun, karataun di ieu alam.
kiwari mangsana rame, neneangan anu mingpin ieu nagri Tanah Pasundan.
beja kabeja beja, carita kacarita, mangsana di akhir jaman rek ayana Ratu Adil.
nu ngayoaman sabala Nagri, nu adil dina mingpinna, walatra di ngatur Rijkina,
diantawis teurehna eta ratu, nu ngawangkonan eta Nagri pajajaran.
Cianjur jadi titisan lumungsurna eta nagri, sugih Mukti Kerta Raharja.
kamashuran kajalanPria pamangkuna eta negri, kaberkahan nagtungna eta Alam
lumungsur ka Marya Pada, lumangsung eta lamina, jaman miheulaan waktu nu nagtoskeun, kiwari kantun ngantosan. Maya Pada ngayang ngayang agung ning agung pasejaan, miratuan eta jaman, ngarajaan eta alam, nyugihkeun eta kahirupan.ngawaluyakeun, nyugemakeun eta Negri Leluhurna.
kamakmuran lumungsur ka bumi alam. kiwari seur seur carita, undakna di saban negri, ku rupa sinareng rupi pasejaan nungturunan carita anu mastikeun, ayana eta alam.lumungsurna karatuan nu ngarajaan di akhir jaman. kiwari sumangga antos mudah mudahan eta alam kapibandaan,
Cianjurt negri nu akhir menak ningrat tereh pajajaran,  lumungsur di ieu Alam.
pangaweruh dina mangsana. agung tata budina, marahmay dina rarayna, katinggal hegar dirina,
ma,lum agungluhung ku piwuruk tereh santri pituturna, luhung kutangtungna, pangaweruh dina harkat martabatna, komara ka sagala Negri babaku ajeug dina nangtukeun eta tatanjeurna.
kitu jalaran kasebatan Cianjur ka Mashur talajak nimbang lakuna, pangaweruh nimbang elmuna, talajak nimbang jagatna, harkatna nimbang wawanenna, bet katinggal dina mingpinna.
dina laku hegar katinggalna, marahmay budi bahasana, caang deudeuleuanna, ma,lum jalma suwung ku pangarti, pangaweruh nu sajati,
wawnenna kajalanapPria, ngawung ngawung sugih ku tarekahna, mi welas ka rahayatna.
kitu Cianjur ka telahna, kiwari kantun ngantos carita anu salajeungna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar