Jumat, 20 Mei 2011

Nyiliwuri dina alam titah titah kasucian

sabanda sariksa ari bener ngariksa.
nyata bener aya, lain aya teu boga rasa
ieu nyata teu boga waluya.

ari nyata aya rasa, mana waluya miboga..?
nyata waluya eweuh rasa, eweuh mibanda eta raga
mana aya rasa..? mibanda teu jadi kaboga.

puguh hirup nyata aya, mibanda eta rasa
kitu jalaran aya dina raga, karasa dina karya anu nyata
lain pepeta henteu mola tapi meta aya nu karasa.
nyata hirup eta didunya.

jiga enya pepeta, nyata eweuh nu karasa
kitu nyata eta pola eweuh nudipibanda
nyata saukur karya Ria.

kiwari alamna rame, karya ria karya nyata
pakepuk di ieu dunya.
kitu nyata ayana, eweuh benerna.


ari leumpang jalan caang poek ngalingkungan alam
dina raga jiga nu ennya. pabeja geus jadi carita
carita eweuh benerna

kiwari nyata pangbeja geus jadi walatra
walatra dina sutra, sutra nu jadi karya
karya nyata karya sutra. dikiwari saukur karya ria
tapi sutra geus jadi kaboga.

rame rame nyieun partai, rahayat cukang lantaran
nyieun kahadean. tapi nyata nu hade kur nu ngabakalan
partai jadi kakutan ngieun tatapakan,
pikeun ngunggulkeun kahirupan.

kamadorotan kamaksiatan rupa tarekah ngalingkungan alam
kabohongan kalacutan geus teu katinggal kaaeban,
undang undang panyumputan, tarekah kalacutan.

kitu nyata ieu alam gelar kapoekan, nyata katumpakkan
nu nyiiwuri dina undang undang, titah kasucian
ma.lum kitu nyatana, kabohongan teu tinggal di ieu alam
mung sasalimbutan, nu matak nganyerikeun, nu ngarasanan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar