Minggu, 15 Mei 2011

Kamana abdi nyangharep kamana ngusikeun diri,

Pangelingan pangalaman pileumpangan tatapakan, cumarita di ieu perjalanan. Alam leumpang tatapakan, leumpangna make aturan, ngamaksud aya tujuan mibandana kahirupan. Lain leumpang asal napakeun tapi leumpang ngamasud kana eta tujuan, Tujuan mibandana eta kahirupan.

Kiwari loba nu leumpang ngan hanyakal leumpangna teu make aturan, leumpang teu ngamaksud tujuan, eta leumpang ku kapoekan, paingan lalang lorong ma,lum dina poek rek kumaha aya kageunahan, rek aaya kajeumbaran, hate pinuh kukananglasaan, beubeneran sal asalan, leumpang teu make tatanggeur, anggeran asal napakeun digeugenah kuhawa napsuna sorangan.mana aya bebeneran sanyatana hirup eta nungturunan, aya dina eta kahirupan sorangan.

Lain asal tatangger, tapi asal dimana eta tatangeur, ngahirupkeun eta alamna. Manusa ngalingkungan sakumaha eta alamna, ngajadi eta dirina aya dina eta alamna sorangan, teu padu napakeun teu padu ngageularkeun, napakeun ku aturan ngabangun eta bangsana, lain ulah ngarobah nukudu nluykeun sakumaha eta perjalanan, nu dimaksud ku leleuhurna. Jati diri bangsa aya dina eta bangsana, moal jauh aya dina eta alamna.

Sanyatana hirup kur nuluykeun, nyampurnakeun kaayaan, ningkatkeun kahirupan ngamakmurkeun pangeusina, ngasejahterakeun eta rahayatna, nyerdaskeun eta bangsana hak hirup sarua agungna, salaku mahluk anu dimulyakeun dijadkeunna.

Katimpangan nu katinggal, jompang dina kaayaan, teu ningalikeun hirup sauyunan, babarengan, saaisan saling pikanyaah saling pi kadeudeuh, dina lumangsungna eta kahirupan, nyata hirup kitu moal matak nyugemakeun, kanalangsaan, kanyenyerian lumangsung di eta alam.

Babakuna hirup teu bisa ku sorangan, ngarana oge kahirupan ieu ngamaksud babarengan, ngamaksud ngajenengjkeun kahirupan, kabagyaan nu harti di ieu alam, masa kaliwat maa nu nganterkeun bakalna aya masa nu bakal dating, alam jeneng kutangtungna, alam ruksak ku pangeusina, ieu pisan jalaran kiwari lumangsung di ieu alamna.


Gurunggusuh hayang tepi, gurunggusuh cenah kieu pasti, nyata kapastian aya dina eta perjalanan, kebeneran aya dina katangtuan nuasal ngalahirkeun, eta alam dina alam, pengeusina cumarita ku eta alam, kajandian kajadian lumangsung, carita ciri ayana, ciri aya perjalananna geus pasti aya kahirupanna, ngajelma dikiwarina, Lain ulah ngarobah lain ulah salah, gurunggusuh nu matak susah, kitu jalaran hirup aya katangtuan nunturunan dina eta kahirupan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar