Senin, 23 Mei 2011

Panyalindungan dina diri pangakuan nu jadi sabab hirup teu benang kaagugnan

Kurumasa aya hasilana kurumasa aya katinggalna
Hirup adigung gumuluhung, adigung adiguna
Pangakuan nu matak ngahinakeun kana eta wibawana
Kahormatan leungit ku eta lakuna dirina

Pangakuan kapangkatan kahinaan nu mawa nyilakakeun
Kaakuan kwibawaan lain kudu di akukeun tapi kudu ditarimakeun
Nymputkeun kawibawaan kaapesan dina eta kahormatan
Wawanen kawibawaan kaluhungan ku kapangakatan
Nyumput dina kaapesan nembongkeun kaluhungan
Dina diri eweuh nu dipunjulkeun


Lain agung pangakuan, lain luhung kawibawaan
Tapi apes tanda kahormatan, kawibawaan dina tatapakan
Agung luhung kawibawaan, ayana dina pasejaan
Agung luhung kapangkatan ayana dina kesederhanaan
Kebersahajaan dina diri teu tinggal kaagungan.


Tatanghar menerkeun diri tatanghar ngarraksa diri
Nyumput dina diri teu katembong hegarna diri
Susulumputan tatarekahan, menangkeun kabagyaan
Dina diri pinuh ku kahegaran nu teu tinggal kaagungan

Kahormatan lain loba sebutan, lain oge ku loba pinunjulan
Tapi pinunul ngaleumpangkeun eta perjalanan
Dina babaku hirup menerkeun anu dirasakan nu karandapan

Pamuji lain ku diri pamuji datang dina bakti
Pamuja lain ku diri pamuja ku muja semadi
Piraku aya kahormatan kawibawaan agung lain kudiri dirina
Nyata pamuja kaluar dina kaagungan, teu menerkeun anu dirasakaun
Ieu kahinaan, ngaruksak kawibawaan kahormatan
Salaku manusa nu dimulyakeun

Teu pira hayang di agung agung ku panyanjung
Di menak menak kunu lian daek hirup kaluar tina aturan
Doreksa dina lalampahan, kaniyaya dina kahirupan
Daek aprak aprakan nymputkeun kahinaan,
Teu narima kaayaan, dina nyata kahirupan

Hirup ngaya ngaya nu teu kadada kaduga
Di aya aya beh katingal hirup sajahtera
Ku laku doreksa, teu narima kaayaan geulerna di ieu alam
Nyata hirup dina katangtuan, nyata hirup ditangtukeun
Digeularkeun diadegen, ditangtungkeun di golerkeun
Nyata hirup eweuh daya nyata hirup teu boga upaya
anging daya upaya nu boga eta alamna


euweuh kabogana eweuh dayana anging sadaya daya
tumarima dina eta hirup teu ngaya ngaya, sa aya aya
kuasa ku hukumna kuasa dina rasana ngageular ku eta wujudna
kitu nyata tumarima dina alam pageularan dina alam paanjangan
ngigeulkeun eta kahirupan, milampah pagawean dina alam perhambaan
pasejaan jauh tinggal kahayang eta dirina anging sumeja bakti kagustina

ngolemar dina kaayaan hirup kapoekan
teu narima kanyataan, hirup dina katangtuan
ngaku luhung dina kaayaan, dina rasa eweuh kageunahan
kabagyaan kur sesebutan dina raga teu mibandaanan eta rasana
mana aya buahna, nalka eweuh kembangna
mana aya kembangna nalika eweuh dahanna
tangkal nu jadi sabab aya daun aya kembang ngawujud eta buahan
akar nu jadi cukang lantaran ayana eta tatangkalan
taneuh nu jadi sabab ayana kahirupan
kitu sabab mu sabab ayana perjalaanan ngawungkul eta kahirupan

katinggal tangkalna katinggal daunna, katinggal eta kembangna
geus pasti aya buahna, lain akuan tapi kalakuan, nu jadi sabab ayanan kabagayaaan menerkeun dina eta tatangakalan, menerkeun dina eta dangdaunan.
kembang nu jadi sabab ayana perjalanan ngawungku eta buah buahan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar