Minggu, 15 Mei 2011

Jagat Pajajaran jagat kaluhungan nanjeur di bumi alam.

Samangsa sacarita, leuleumpangan dibumi alam.

Lieuk lain dulur lain, teu katinggal nyugemakeun
Ningali henteu ngebrehkeun, nguningakeun dikajauhan
Duh duh sim abdi lara tunggara, mana bisa nyugemakeun
Dina alam kahinaan dina alam pamumbaraan.

Dulur dulur dilembur, neneangan tarekahan
Nyumponan kabutuhan nu ngawaluyakeun
Pikeun mibandaan kahirupan, kieu rasa nu tunggara
Hate pinuh ku nalangsa, abdi isinna kacida
di pamumbaraan teu bebenangan,
Duh duh dulur dilembur, kuring hanyang nyugemakeun

Hayu urang tingalikeun, wakca hidep urang buktikeun
Duh.. duh . dulur dilembur, hayu urang sugemakeun
Ngamakmurkeun ngasejahterakeun, paleumburan anu Mashur
Tingalikeun urang buktikeun, jalaran urang asal ti lembur
Ngawujudkeun kamakmuran, ngabuktikeun ngasejaterakeun
Gemah ripah loh jinawi ieu alam pileumburan,,
Pasundan tempat dewata, nitis netes kadewataan
Nitis netes kaluhungan.

Dewata ratu manusa, Pasundaan kadewataan,
kiwari geus raja laksana, nitibanan kahirupan
jeneng ku kawaluyaan, ngangkat darajat kamulyaan
kiwari mangsa laksana,

jeneng jeneng kaagungan, ngawulayakeun kahirupan.
Laksana nitibanan kahirupan, kiwari urang baktikeun
Pileumburan nyugemakeun, kiwari ngantos puja laksana
Nusemedi nu nganterkeun kawaluyaan di akhir jaman
Kiwari surup nunangrtukeun, nalatahkeun mihapekeun.

Kiwari urang buktikeun, karatonan pajajran,
kiwari nyaksen nyaksikeun, dulur dulur nu pada akur
kiwari urang jelaskein, wakca hidep urang gelarkeun
buktoskeun caritaan leluhur, duh duh agung ning agung

Pajajaran ratu kaendahan, Raja ratu nungaratuan
Pajajran ningratna kadewataan, Manusa punjul di akhir jaman
Jaman nu nyaluyukeun, ngaratuan di akhir jaman
mibandaan ieu alam, deungeun deungen ngawungkulan
salah sawiosna kiwari diparebutkeun,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar