Senin, 23 Mei 2011

Kaayaan nu jadi sabab Tumarimana Hirup dina eta Kahirupan

Moal bisa ngendalikeun
Mun teu bisa ngarasakeun
Moal bisa ngarasakeun
Mun teu bisa narimakeun


Rasa nganyatakeun, rasa ngunjukeun ayana kahirupan,
Kendali ayana dina rasa, nalika narimakeun naon nu dirasakuen,


Rasa eta patok urang jang metakeun hirup nu salajeungna, ku mibandaan eta rasa dua kaayaan dina eta kajadian, tumiba ka mahluk manusa, senang jeung teu senang tumiba kana diri, lain wae hade tapi aya goreng ngalintas kana hate kanu ngarana mahluk manusa, iwal hayang reujeung henteu eta datangna, kitu ayana dina eta kahirupan..

Sanyatana manusa ka patok ku dua katangtuan, di pibanda ku dua kaayaan
Ngalintas terus terusan, nu teu bisa di tawar tawar, diantara mahluk manusa aya nu bisa ngendalikeun, aya nu teu bisa ngendalikeun, dina eta kajantenan, dina naon nu dirasakeun,


kahayang nyorang langratan, menerkeun eta rasana
ngadohirkeun naon nu dirasakeun dina eta alamna
ngawujud jadi lakuna, ngadohir ku dirina,

rasa ngunjukeun kana eta dohirna, ngawujud aya bentukna,
dina bathin perih karasana teu geunah kareungeuna
dina dohir teu geunah kadeuleuna, dina bathin teu geunah kareungena
kaayaan ngawujud dina eta perjalanan, ngabentuk ku eta perwujudan

mung hanyakal ngaragakeun ku teu make aturan,
perasaan teu ngawungkul kamanusaaan
teu tinggal ngageular ku perasaan
matak aeb anu nininggal, matak hina nu ngadangu
ku peta nu teu kapibanda, dina raga ningalkeun
laku kaluar tina tata titi kamanusian

piwunjuk ngageularkeun ku dohir dina kahirupan
metakeun ulang ulangan, ku eta pertunjukkan
nu matak ngateugeunahkeun rarasaan dina eta pertunjukkan
teu kuat eta rasa ngendalikeun, ku rasa nuteu kacaangan
gelap mata hilang raga, ngageular kaluar dina derajat manusia



sengkeuran nu ngajalankeun, kokoaran dina perasaan
kokotor nu ngarandapan hirup tara ngaleuyeupan,
dina eta lalagayan nu karandapan, ngaguar masa ka pungkur
ngageular alam kiwari, nalungtik diri ku rasa anu sajati
nyata hirup kitu buktina, nyata hirup kitu ayana
mun nyata eta hirup hayang aya karasana, mibanda eta ragana
kudu narimakeun kaayaan, ngageularkeun nudi rasakaun

ku teu narimakeun kayaan, dina hirup eweuh kahirupan
bebeneran kur tibang rarasaan, teu mibanda eta rasana
waruga jauh kana dirina, sulaya rejeung kahayangna
kitu peta nyata hirup eweuh cahayana

mibandaan ka hinaan, teu boga persaan
hirup teu ngukur ka kujur, teu ninggal kaayaan
ngaraksa perjalanan, nuju alam kaagungan
hirup salah metakeun nu wajib di hare harekeun
nu sunat di agung agungkeun milanpah jauh kana tujuan
kbagayaan dina jalan salah nempatkeun.
kitu balukarna hirup kabodoan
hirup teu make aturan pasejaan kur sabatas rarasaan
teu make ugaran dina ngajelaskeun eta persoalan
kitu wakca dina peta, kaayaan hirup nu teu make aturan

hirup jauh tembong kalangit
dangah nu teu jelas di arah
ngudag milampah nu teu make karomah
sakadar cai uyah ngabayahbah euweuh berkah

hirup ngaya ngaya nu teu kadada kaduga
teu mampuh di aya ayakeun, ngudag ngudag pangaleuman
ngudag ngudag panyanjungan, nu embung kahinakeun
ku alabatan hirup teu bisa nembongkeun,
kaayaan dina katangtuan, pangajenan kahirupan
hirup dina kawaluyaan, namung salah nempatkeun
ngamaknan hirup teu make ugaran teu make ajeuran
sakadar tatanjuer eweuh nu nanjeur
nyata hirup henteu mikir dina kaayaan, nyondangkeun kahirupan

ari tagog rejeung gogog, pamadeg anu ajeug
ngabaruntaskeun kahirupan ngaliwatkeun kanyataan
nangtungkeun kaayaan, nu ajeug dina milampahkeun
anu sahakna, teu condong ku hariwang,
teu m ileumpang ku kahayang,
iwal ngaleumpangkeun ku pasejaan
nungturunan ieu kahirupan

lain hina teu narimakeun nu dirasa ditongtolerkeun
kitu nyata hirup eweuh kawaluyaan
mahluk nu jadi tujuan agung dina pandangan
mahluk nu jadi sebab hirup teu narima kaayaan.
ngaya ngaya di aayakeun, teu kateupi di tepi tepikeun
teu kaduga dipaksakeun,
ngajul bentang ku asiwung, ngajul bulan make gantar
kitu hirup kacilakaan salawasna dina kahinaan

nu matak hirup loba kahinaan ngajulur teu make anggeuran
anggeran ku rarasaan eweuh beneran, caang ukur ukuran.
Sakadar leuleumpangan, teu jelas tujuan
Ieu nu jadi sabab hirup dikendalikeun ku kaayaan
teu bisa ngendalkeun kaayaan dina eta kahirupan


Dohir metakeun mertelakeun mibandaan eta kaagungan


ngawujud bari metakeun, kaayaan dina eta kajantenan
mana bener nu sa hakna, mana salah nincakeunna.
Kitu jalaran eta kahirupan, ngalintas kanu sahakna
Nyata mahluk manusa nu diunggulkeun dina eta alam.

Kahayang nyorang langratan, menerkeun ku peragaan
Ngadohirkeun kahirupan, dina eta kaayaan.
Kitu jalaran hirup menerkeun dina eta kahirupan
Nyorang nyorang langratan

Cukang nu jadi sabab ayana hirup urang,
kahayang nganyatakeun ayana kahirupan,
dina diri nu dirasakeun, kitu jalaran hirup narimakeun
menerkeun ku eta awak awakan sangkan menang kabagyaan


perkara didatangkeun ngunjukeun dua kaayaan, ngayatakeun ayana piliheun,
rupi hal sanes kanten kajantenan nganyatakun di datangkeun, ngalingkungan kamahluk manusa, katangtuan nu geus pasti tumiba ka mahluk manusa, nu moaql bisa lepas kodrat hirup kodarat nu ngahirupkeun, nu nganyatakeun benerna aya kahirupan dina eta awak awaken,

2 komentar: