Jumat, 13 Mei 2011

Kiwari geus jauh kabobodo tenjo, ngamaknaan ieu alam

kiwari loba loba pangakuan asa asa pang akangna,
ku ngabugbrug eta titelna, kuloba loba jabatanna
kitu luhung ceuk maranehna, dina eta pangakuanna.

teuing kmaha eta asal usulna, penemu nyampak dina eta dirina.
ngudak asal eta undukna, panemu datang kanu luhung dina nalika hirupna.
nalaah kaayaana teu padu eta lengkahna, make ajeuran rejeung ugaran,
mapakkeun eta kalungguhan, dina tatapakan nyorangkeun eta ragana.
rasa nu dumasar eta hirupna, jadi jalan tatarekah dina ngwungkulan sajati dirina.
karek aya kalungguhan napakeun eta kahirupan.

jadi ajeuran mapagan kahirupan, ugeran dina talajak mapakeun eta hirupna.
kitu waleuran eta leluhur sateuacan mapagahan eta nu jadi barayana.
lain asal teu puguh juntrungnna, tapi puguh nyusulna, aya tapak talajak nerangkeuna,
nyusul kaidah lain ceuk beja, tapi kaidah anu nyarita. nalika eukeur hirupna.

lain kaidah anu leumpang, tapi kaidah nu ngaleumpangkeun.
eta hirup nyusul kaaslian dirina, da puguh hirup aya nu ngamimitianna.
lain carita kacarita, beja kabeja, mana aya nu percaya, carita teu jadi wujud anu nyata
tapi nyata alam kiwari, eta carita loba anu percaya bari lain fakta.
teuing kumaha ieu alam jadina, wakca eweuh bejana, carita eweuh wujudna.

kiwari alam realita tapi nu nyata eweuh wujudna
nyata poek eta hakna, alam kabobodo tenjo, wujud geunah ka tinggalna
tapi nyata rasa eweuh geunahna, nu aya kur sabatas tenjo raga nu jadi alat tipuanna.
kitu barukana alam jahiliah nembrak dijagatna,
 ngabugruk dohirna eweuh nilaina, loba banda teu nikmat karasana
jalaran hirup geus poho kapangeranna.

rek kumaha aya nikmatna, dohir jadi alat pangagungna
nurani teu jadi alat kakuasaanna, ieu pisan pangagungan jauh kaluhungan
pangagulan dina kabodoan, titel jadi andelan eweuh kanikmatan.
kitu barukna kabodoan dikiwari jadi pangagungan dina metakeun kahirupanna.

tumarima kana dirina, tenjo luhung mibanda eta hirupna
lain wujud jadi pakayana, sarakah eta hirupna,
kitu peta eta gelar di alamna

.
kitu jalaran kalungguhan kiwari hese ditinggalna,
nu ngaku ngaku bener loba wujudna, teu katinggal dina hasilna,
percaya.nyata eta jadi wujudna, nyata aya mibanda eta rasana
geus pasti aya hasina rahayat jadi tujuanna.

duduluran babarayaan juntrungna kahirupan,
mibanda eta rasana nalaah dina eta kahirupanna.
tapi nyata kiwari teu pas eta ayana, kalungguhan aya dinu hina eta lakuna.
patempatan anu hieum katinggalna, poek mongkleng eta alamna
nyata nu kitu eta agreng  kasebutna, kiwari alam geus kabobodo tenjo,
jauh pangacian jauh deudeuleuan, jauh beubeuneran, jauh jeung pangeran
.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar