Sabtu, 14 Mei 2011

Kalungguhan pikeun ngudag hawa napsuna

Malah miwah tiasa kaaos di alam kiwari

Naha aya jalma ngaku ngaku agung ku panemu, anyar anyar di bebejakeun,
dina  hirup ngaku luhung majar maneh ku tinulung. konsep dalil di caritakeun,
bebeja ditetepikeun jiga manehna nu menangkeun, carita dijajadikeunkeun,
ges jiga nu menangkeun, agung kaluhngan Ilmu tinuluwungan,
tinemu tinuluhungan ngalingkungan kahirupan.
tarekah sakur beja, beja beja jadi carita tapi nyata jiga nu enya.
dasar nu linglung ... ngaku luhung matak ti deuha ka Indung.



Jiga enya ditepikeun, jiga enya dicaritakeun,
agung kunu luhung..anggang patapakan
didinya jalan mengpar kaningratan, patapakan jauh dina jalan bebeuneran.
tinemu saukur jadi alat, kalungguhan saukur jadi perangkat..
nutupan aebna kahirupan.

menak ningrat  tuturubun nuju ka pamumbaraan, kadoliman lelengkahan,
lalampahan nu ngahinakeun, kitu barukna manusa dolim milampah di ieu alam..
panojoan kahinaan tarekah salah nempatkeun.

lain ulah tapi nyata salah meuli  kadoliman ku kaagungan,
harta banda pamoroan tahta nu jadi ageuman,  dalil  konsep di cacaritaan,
mana bukti aya kaiklasan, katulusan mun nyata waruga jadi andeulan.
kieu buktina eta konsep teu jadi kalusan pikeun dirina.

jalma soleh di wakca jalma agung dina carita
tapi nyata nu agung riweuh ku harta banda rejeung tahta
nungturunan kahirupan manjangkeun dadaharen ku jalan cacaritan
kitu barukana agung ku cara nyalindungkeun,
mapakkeun kadoreksaan. nganiyaya kahirupan.
dina titah jeung kahoramtan. napakeun ningrat kaagungan
ku salah nempatkeun.. nyata nu kitu ningratna nu lepas Aisan

kaluhungan teu mapakkeun dina eta jalan, tapi nyalindungkeun di kabohongan
ku cara mapakeun eta piwunjuk, bukti dholim kiwari ges jadi kaagungan
Indung.mihapekeun .  kalungguhan kapangkatan
nu mawa kahoramtan, jalan carita anu jadi agung.

nyumputkeun kapoekan dina tunjuk anu agung,
dasar anu linglung nu ti deuha kaindung.
tahta nu jadi andeulan, harta nu jadi boroan.
tapi nyata eta hirupna eweuh dikiwarina.
kaagungan jadi cacaritaan, ngajenengken kahirupan kitu antukna ceuk manehna,
tapi nyata kaagungan eweuh dina laku dirina.
carita kalungguhan kiwari teu koar eta sorana,
cenah eta carita luhung dina asalna, malah mah ceuk manenhna dimana teu digawean,..
 matak kaniyaya dina hirupna.. tapi nyata kaniyaya datang kanadirina..
ieu kumaha eta carita teu jadi hade pikeun dirina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar