Minggu, 16 Maret 2014

Wakca nu cumarita, panemu teu jadi kabijaksanaan





Nu wakca hese alam kiwari, nu cumarita rea di ieu alam dunya
Loba loba nu carita tapi nyata nu cumarita make wakca hese alam kiwari
Carita nyebar di ieu dunya, tapi nyata eta carita teu ngarobah laku manusa
Tambah tambah panemu, tambah tambah elmu teu jadi satu.
Gontok gontokan aing aingan, asa asa pangbenerna, asa asa pangpinterna
Tapi nyata eta panemu eta elmu nungturunan dina eta alamna

Manusa eweuh nu bisa manusa teu walakaya dina aya
Manusa eweuh kabisa manusa eweuh nu kawasa dina fakta
Lahirna ka ieu alam dunya nyata manusa teu walakaya
Rek kumaha kawasana dina aya, dimana ayana lain laku dirina
Lain kahayang eta nu lahirna  tapi nyata sakawasa eta alamna


Kiwari rame loba loba kaluhungan ku gagantel pangaranan
Ilmuwan katelah dina ieu kahirupan, tapi nyata elmu teu jadi ka,arifan
Elmu teu jadi kabijaksanaan, nata hirup nujadi kamaslahatan
malah kiwari eta elmu jadi pangagungan, kungaran ngaran nu teu jadi kahadean
dina hirup malah loba loba kabecian, panghiantan nu kangaranan elmuwan

ka,arifan ku kaluhungan, panemu jadi kabijaksanaan nata hirup nudumsar kamaslahatan
ilmu nu jadi tali paranti, kabijaksanaan nata hirup nu kiwari malah mandar hirup aya dina kamaslahatan





















Tidak ada komentar:

Posting Komentar