Selasa, 04 Maret 2014

Sumerah di ieu alam

Budi rumasa.... sanyatana hirup bagya
hirupna boga rasa, katut boga raga
hirup kitu boga pangraksa
ngaraksa kalayan ngoriksa
musahadah, kalayan nyaksi

hirup kitu tau diri... ku disaksi
hirup kitu budi rumasa.. ku diraksa
hirup kitu tau tat titi ..ku riksa
hirupna boga ka era...... hirupna boga sieun
hirupna boga kahayang ajeunan di ieu alam.. ku rumasa
hirupna jadi kawasa, hirupna jadi berdaya
ngieun kahadean di ieu alam dunya

hirup kitu boga tata jeung titi.....
budi pamilih anu agung di ieu alam
kupanilaian nu sajatina... walagri hirup di ieu negrina

ku rumasa aya dimana
ku rumasa keur kumaha
hirup tumarima kana aya
hirup tumarima dimana aya
ngalampahkaeun kana nyata
kana kaayaan.... kana kanyataan
alam nu ngaliputan hirup urang

lain suka jeung teu suka...
lain hayang jeung teu hayang
tapi kanyataan eta urang
tapi kaayaan eta urang...
sumerah sanyatana kana kaayaan
rejeung kanyataan...tina diri kudirina
kalayan jang dirina sorangan
urang kaurang, kalayan ku urang




Tidak ada komentar:

Posting Komentar