Kamis, 27 Maret 2014

Lungitna Makuta Bumi, Carita Dunya katelahna



Hirup kudu puja puji
lahir hirup kupujana
lahir hirup kupujina
lahir  hirup di ieu bumina

Lain hirup mun eweuh pujana
lain hirup eweuh pujina
mana aya kahirupan
manusa leungit di ieu alamna

Hirup lahir ku kadedeuh
lahir hirup kukaasih
lahir hirup kadeudeuh kaasih
kalahiran nyata nyata deuhdeuhan tur asihan

Leungit puja leungit puji lahirna benci
leungit deudeuh leungit asih lahirna kanyeri

kunaon hirupna bangsa lahirna kahinaan
kunaon lahirna nagara lahirna kanyenyerian

mana puja kanu baheula
mana puji kanu kiwari
mana deudeuh kaasihna
hirup di ieu negrina

hirup laknat di ieu alamna
teu muja syukur kakaruhunna
teu muja muji kasasama
diantara rahayatna, diantara bangsana
kitu deui diantara nagara nagarna
leungit pusaka nu jadi alamna
 
lengit nagara katut bangsana
leungit nagara katut rahayatna
leungit adab adaban di ieu alamna
bangsa katut nagarana, rahayat jeung kumaula,na
kariweuhan di ieu alamna. pacekcokan dina nyatana
pertumpahan di ieu alamna  susah salalawasna
kitu carita di ieu negrina..negri dunya nu mashurna




Tidak ada komentar:

Posting Komentar