Selasa, 25 Maret 2014

Puji Hiyang Widi




Asa ku teu kaharti.. dina diri
asa ku teu kaharti ku diri pribadi
dina diri aya janji anu suci..
dina diri aya janji nu kapatri

Ti iraha diri nya ngenal diri
ti iraha ieu diri jadi sajati
padahal ieu diri pinuh pinuh ku kabenci
padahal ieu diri.. loba teu tau diri

Mun nyata aya nu Maha Suci
kamana abdi milari...............
kamana abdi nyungsi............
hingga diri jadi berkah nu Sajati

Mun nyata kedah nya diri
sumujud kadampal gusti
kamana abdi milari.......
kamana nya ieu diri.......
madeup kadampal gusti

ti iraha bareng jeung diri...........
ti iraha jadi kakasih abdi.............
hingga diri jadi terpuji................
pujina ka hiyang widi.................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar