Minggu, 16 Maret 2014

Makna carita teu kapibanda, rea kiwari loba loba nu cumarita





Rea jalma kiwari, nucumarita dina eta alamna
Alam can katinggal wujud eta hirupna
Caita can jadi petunjuk eta lakuna,
Carita karek rame nu cumaritna, dina fakta eweuh jentulna
dina hirup eweuh kasugemaan, dina tenjo kapoekan,
dina lampah eweuh pulungeun, nu aya kar rurujitan
ieu alam poek mongkleng, buta rajin pengeusina. 
dina hirup loba kadoreksaan dina lampah loba kanistaan,
reujeung catur nu pikahatur teu jadi bukur ti ieu almna.

Upaya sa aya aya umandel kumaha ceuk beja,
bari wakca saha nu cumarita, teu perkasa dina aya, 
teu walakaya dina fakta, carita teu hirup dina eta alamna.

makna carita teu sapateumon jeng carita nu liana
ngarana oge carita nu can kapibanda, jauh sulaya rejeung eusina
makna hirup makna carita eta aya dina raga, aya dina rasa nu sampurna

jauh sulaya makna carita, dina hirup can kapibanda
malum teu apal saha nu cumarita, teu apal saha anu wakca
carita geular di ieu alam dunya.

Ngarana oge carita beunangna kur papatalepa,
lain karya nukapibanda beunangna ku perjalanan hirupna,
lain cara kiwari, papataleupa nu jadi wakca
carita eweuh eusina, eta nu dimaksud carita, eweuh asal usulna
kiwari jadi rame, loba jalma cumarita, ngageularkeun cacaritaan.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar