Kamis, 06 Maret 2014

Agung mah bahasa indung.. luhung mah komara nu jadi bapa

ngan hanyakal alam kiwari
sok era dina carita, ngenaan bahasa indungna

sapaham pahamna raga.. ngenaan eta alamna
ku bahasa di tungtun,na.. wawuh pasti nu jadi awakna
tapi nyata alam kiwari.. ngenaan bahasa sok era dina dirina
bahasa indung pinunjul dina lampah sapopoena

ngenaan agung eta kaumna,,, pinunjul ku bahasana
puguh basa eta cahaya... ngenaan hirup di ieu alamna
rek kumaha aya kamajuan teu wawuh di ieu alamna
puguh hirup teh sampurna.. nalika wauh jeng bangsana

patuker pamikiran.. nghijikeun kahirupan..sapadan di ieu alam
bahasa eta nu jadi bisa ngahijikeunna...

mun nyata urang bangsa nu luhung.. pinunjulkeun bangsa kaumna
bahasa indung bapakna.. kiwari di eiu alamna.....
lain ngamumule bangsa deungeun.. ku lila repok nujadi awakna
puguh awak dimana ayana.. puguh awak dimana di jieunna
lemah cai eta nyatana.. ngenaan hirup nu jadi awakna

lain ulah diajarna...
ngenaan bangsa anu lianna
tapi ingeut... ulah poho ngenaan bahasa lemah caina
kodrat hirup didinya ayana..

agung puguh da aya anu nurunkeunna
dina bahasa pituturna
carita naskah ayana.. leluhur eta jadi wujud dina nyatana
nurunkeun ka anak incuna.. kedeudeuh kanyaahna
ku carita nu aya di eta alamna... ku bahasa lemah caina

salah kaprah urang salah....
suluh salah kaindung bapakna
leluhur di ieu alamna..
kapan ayana.. urang dikiwarina
kolot kolot urang nu jadi asalna

kitu kaluhungan.. agung nu jadi anak incuna
dimana daek makena,,mupurus di eiu alamna
ngarawat dina nyatana..bahasa indung jadi sapopoena

isin isin nataku.. puguh puguh awam ayana
kaluar ti negri sebrang eta datangna
tapi nyata geus agul tina dirina.. luhung ceuk aranjeuna
pedah make bahasa deungeun dina wakcana
bener ceuk eta dirina.... kapastian moal salahna

jiga jiga pang akangna...
teuing kumaha jadina..
jelema teu apal tata titi di ieu alamna
ngamaknaan bahasa ceuk kareup dirina

Agung mah teu poho ka indung
luhung mah teu poho kanu jadi bapakna
leluhur nu jadi nyatana
nurunkeun kahirupan di ieu alamna

boh bilih kaleuleupatan
boh bilih salah sasauran
hapunten anu kauhun
ku kecap neda dihapunten


Tidak ada komentar:

Posting Komentar