Senin, 30 September 2013

Ruh rasa nu kapercaya mawa bagya ka balarea





Ruh rasa nu kapercaya mawa bagya ka balarea


Mun diri hayang teruji..
Hirupna kudu tahu diri..
Mawas diri,,,,mirosea hate..
Sangkar diri….kawasa….
Hirup ka kendalikeun….
Heunteu nyorang kadoreksaan…

Mun nyata hayang bagya..
Hirup kudu puasa
Kendalikeun laku doreksa
Pastikeun hirup bagya
Ku jalan puasa..

Mun nyata hayang senang
Tangtungkeun kabeuneuran
Sholat ngahudangkeun
Panginditan ngaleumpangkeun
Hirup nu ngabagyakeun

Bagya harti lain ku banda
Banda nyata tatalang raga
Raga nyata tatalang nyawa
Nyawa nyata tatalang jiwa
Ieu mah sampurna aya
Makhluk manusia di ieu alam raya

Manusia leungit duriat
Leungit harkat leungit darajat
Komara agungna pangkat
Leungit pangkat leungit darajat
Manusia nu mawa..ma’siat…

Numawa tiis jajantung hatena
Numawa teunang laki rabina
Numawa bagya nalika hirupna
Tur tentram di ieu alamna
Nu rumasa rejeng ngariksa
Hirup mirosea, teu kalayan
Sakama-kama

Mana arek kawasa
Hirup kakendalikeun
Teu ngaraksa teu mirosea
Hirup padu leumpang
Pastina hirup nyalimpang
Nyorang-nyorang kamaksiatan

Mana bisa puasa
Senang hirup di tiheulakeun
Gaya hirup nu di agungkeun
Senang mungguh kalolobaan
Akhir hirup kahancuran

Mana bisa nangtung
Tangtungna ku babawaan
Bawana ku berat pisan
Akhirnya ngarumpuyuk
Di tengah jalan

Bagya nyata ngartikeun
Banda.
bagya nyata nangtungkeun raga
Raga nyata nangtungkeun nu jadi rasa
Jadi jiwa anu satria
Ruh rasa anu kapercaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar