ngahijikeun hirup di ieu alam
samaksud satujuan, ngahirupkeun ngaleumpangkeun
nuju nojo ka alam nu bakal datang
samaksud satujuan, miheulakeun kakasih nu bakal datang
kudu dirojong ku urang sorangan, tanpa kitu saha urang,
nu hayangna, boh nu embungna, aya diurang sorangan
lain umandel kana nasib, nyata nasib aya diurang,
gumantung ngaleumpangkeunna, gumantung urangna,
hirup urang sanyatana aya dii urang sorangan
lain sakadar hirup, hirup ieu lain sakadar, kudu make ihtiar
hirup ieu lain sakadar, tapi hirup ieu kudu nyiar
aya bahasa sabeunyereun sasieuren sanyatana eta ku ihtiar
lain asal benang, benangna ku dasar ihtiar
benangna ku dasar nyiar, kitu sanyatana hirup di ieu alam
alam kadewasaan alam tatarekahan nu nagtung di ieu alam
tanpa kadewasaan,, nu kitu di sebut bubudakeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar