Minggu, 14 Juni 2015

Purw Asal nu jadi leluhurna

Ka,asih ka pun dulur..kajeun can tepung di kiwarina 
tapi tepung dina mangsa jeung rupana..rupa sajatiningrasana 
hapunten anu di suhun..malah miwah kaasinan..seseratan kirang kasopanan.
mugia ageung pangapunten..ieu mah saking bagyana.. 
tepung dina ieu haplah anu mulya..mungguh agung silsilahna..
baraya titisanna..agung wibawa komarana..tos kersa ngankat harkat nu jadi leluhurna..
budaya asih nu jadi dulurna..sunda nangtung ajeug wibawana.. 
haturnuhun pun lanceuk dina nyatana..nyata agung komarana..

Galuh agung kawibawaan.. galuh agung tinuluhungan 

Pajajaran ngahiangning rasa..rasa deudeuh ka barayana..
Asih kanu jadi turunna..nyaah kasasama..heman ka balarea...
tinulungan kanu jadi alam girina..giri kembang giri sajati..
giri kembang girina negri... kiwari pinunjul alamna..

Komara nu jadi anak incuna..wibawa nu jadi budayana..

ngahudangkeun kanyaah kanu jadi alamna.. 
komara nu jadi leluhurna...wibawa pangeusina..
kiwari pinunjul di ieu alamna...Bral Dangiang Galuh Pakuan.. 
seja sembah ka hyianing rasa..rasa sajati nu sampurna.. 

Sampurasun wahai dulur dulur..baraya di ieu negri... 

hibar..hibar..hibar alam girina..jembar jembar pangeusi ieu alamna.. 
nuhun pun lanceuk sarimbit..bingah nu amar wata suta..
bungah kagiri giri..bungah nu teu aya papadana..

Haturnuhun kang Sateuacanna..titis tawis mulih ka jati..

tinggal komara nu sajatina.. tinggal sajati ieu negrina..
bade lahir deui alam girina.. mugia kersaning alam ngaberkahan..
mugianing alam ngarestuan..lahirna kakasih kasucian haturnuhun..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar