Rabu, 03 Juni 2015

Jauh langkah awal pileumpangan akhir baring kacilakaan

Sok jiga nu bisa,. Putu peta jiga penguasa..  
Kawasa jiga nu boga,..Sagala kawasa sagala boga 
jiga jiga penguasa... nu boga semesta raya 

Gaya mah menang, pangkuan mah eweh nu ngahalang halang.. 
Ngan kade eta cangkang.. Teu ka jaga mah matak ringrang.. 
Hariwang rejeung wirang.. 



Puguh eweh kadarna.. Teu turut eta dirina.. Puguh teu dayana.. 
Teu tau diri eta hirupna.... Mana kwasa di ieu alamna.. 
Mana daya dina nyatana.. Madorot eta hirupna.. 

Tapi masih keneh umaing eta dirina...
Carita eweh benerna.. Omongan hese kapercayana.. 
Janji eweh buktina. Kitu nyata jelema nu teu napak pamikirna.. 
Teu jelas pamadeganna.. Teu jelas tujuanna.. 
Kur lamunan nu jauh pileumpangan.. 

Carita pinuh rekayasa.  teu apal adab jeung dosa,..
kur bohongan nu leumpangna,, dina pamikir eta dirina. 
eweuh pertanggungjawaban..  asal leumpang tanpa asal pamikiran.
kitu hirup kabinasaan..akhir hirup kacilakaan,,kahinaan di ieu alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar