Selasa, 16 Juni 2015

Iman dina laku kanabian

Iman jeung Amal Soleh

Lain Iman tanpa kahadean
lain percaya tanpa kalakuan
mana hukum kanabian
katalitian laku di ieu alam...
kitu nyata pangakuan Iman sabatas ucapan
tanpa aya fakta hukum nu ka unggeul mungguh Al,quran
peta kitu nyata nu disebut kamunapekkan..

Iman nyata kahadean
laku katalitian adab adaban hirup di ieu alam
ucapan kaluar tina lakuna perjalanan nu jadi hirupna
mungguh pileumpanganna jadi carita eta hirupna
ku taliti ku di awasi.persaksian hirup dina nyatana
fakta eta nu jadi ucapan dirina...

lain ucap tanpa ciri..lain ucap tanpa bukti
tapi ucap nu jadi ciri.. jadi bukti perjalanan diri
carita di eta negri,.. teu pahili jeung ingakar janji
janjina kanu maha suci..ieu jadi konci manusa nu pasutri kanu maha suci
kitu bukti ciri wanci nu meangakeun harkat tinu janten gusti

kitu nyata hirup kasaksi ka awasi..teu lanca lici
cicing nya eta diri dina makom anu suci mungguh gusti
lain ucap tanpa fakta..tanpa kalakuan
kitu hirup lancad lincid mungguh pangeran
teu aya kejeulasan hirup tanpa pamadegan hirup angin anginan
nu kitu di sebut kamunapekkan...



Tidak ada komentar:

Posting Komentar