Kamis, 03 Oktober 2013

Yang Maha Menciptakan, Yang Maha gagah Perkasa, Yang Maha Keagungan



Al kholiqu, Al ajizju, Al jabbaru, Al mutakabir

Leu,leus pamundut
Leuleus laer aisan
Kanyaah kedeudeuh
Insan nu kengeng karidoan
Bahtrana kahirupan di ieu alam
Kinten kitu anu di sebat ka agungan

dasar aya lain ku kahayang
dasar wujud lain ku bentukan na
ngabentuk ku sakeursana
kitu nyata dasar eta manusia
sifat na teu walakaya
apeus dina nyatana, eleuh kawasa
dina ayana

anging ku kawasana mun
nganyakeun ngawujud di ieu alam
atuh mun kitu saha nu ngawaujud di ieu alam
nu ngersakeun
rejeung anu di kawasakeun

kaayaan urang didinya leungit
eweuh nanaon
cukup anu di wayangkeun
cukup anu di geularkeun
kaayaan na di ieu alam


tah kitu sanyatana kaayaan manusia di ieu alam na…. 
eweuh naon-naon

cara pandang ieu pisan nu jadi ngadewasakeun hirup aya dina katenangan
eweuh naon-naon

atuh dina sikap teh kedah seperti kitu
hirup rejeung paehna
sehat rejeung hirupna
gering rejeung sehatna

tong sieun maot
ku ayana hirup
hirup maot eta kapastian
dina kaayaana
asal muasal eta terlahirna
eweuh kawasa dina nyatana

kasadaran ieu pisan nu bakal
terlahirna kahirupan, dina alam nu bakal datang

lahir di lahirkeun
terlahir di hidupkeun
hidup dengan kebahagiaan
disinilah hidup dengan kedewasaan

tong rempan hariwang
ku loba-loba panglahiran
ku loba-loba tetenjoan
nu ngotori hirup urang
nu kaluar tina dasar
kahirupan urang sorangan

nalika ninggal perkara
nalika ngadangu rupa sinareng rupi perkara
perkara eta sanyatana kawasa ngalahirkeun 
kuasana alam ayana dina perkara kahirupan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar