Kamis, 03 Oktober 2013

Misil kahirupan




 cacarakan urang sunda


Moal bisa dieusian nalika eweuh dadahareun
Moal bisa di asupan eta beuteung
Mun kaayaan pinuh ku dadahareun
Kitu nyata eta kaayaan
Nyumponan kabutuhan dina isyarat
Kahirupan, ges kitu kakarek didinya aya kawajiban 
nyumponan kabutuhan kalayan teu loba-loba alasan pikeun nutupan eta kabutuhan

Ngaluruskeun nu harti
Ngalaksanakeun isyarat kahirupan
Kabutuhan nu harti nyumponan
Isyarat dina kaayaan
Kawajiban nyatana nyumponan kabutuhan
Nandeuskeun isyarat dina kaayaan
Perkara-perkara kahirupan

Ku ayana rejeung ku eweuhna
Ku aya wujudna
Ku eweuh kahayangna
Nandeuskeun kosong tina dirina
Apes eta hirupna
Kitu nyata hamba di sebutna

Ku aya kahayang na
Ku eweuh wujudna
Eta males di seubtna
Nandeuskeun poek dina hirupna

Aya kahyangna
Ngawujud dina lakuna
Eta kawasa dina hirupna
Nandeuskeun caang dina manahna














Tidak ada komentar:

Posting Komentar