Minggu, 06 April 2014

Salah pileumpangan di ieu alam

Lain teu bisa teu ngupama
lain teu hayang kadorong ku untung
l;ain teu ngupama untung nuju tujuan
kaberkahan leungit di tengah jalan

salama manusa teu ngupama
salama manusa teu tau tau dirina
moal aya kautamaan komo kasampurnaan
ihtiarna ges pastina sesat dina jalanna

reka perdaya hirupna..agung mungguh mahlukna
pangajeun di ieu alamna..sababiah ihtiarna
sok ngahinakeun mungguh pangeranna
nongtolerkeun parentah nu jadi rosulna

loba loba dina tingkahna sareat nu jadi gawena
jiga jiga pang khusuna, ahli ibadah cenah ngarana
ku loba sesebatan prak prakan pagawean...........
loba loba pangaranan loba loba ucapan kaagungan
mungguh kitu jelema Iman.............

teu ninggal mungguh hakna..di gawe aya sababna
digawe puguh tujuanna,,ngarobah kaayaan nu jadi dirina
tinggal dina lakuna...pangajeun nu jadi sababna
mereusihan nujadi hatena..dina kokotor hirupana

hariwang dina hatena  panghina di eta alamna
ngudag ngudag pangagungan..mahluk di ieu alam
lain dasar kayakinan..lain dasar ka imanan
pangeran nu jadi tujuan..bersih dina pa.itikodan
bener dina pasejaan,... leumpeng dina jalan kahadean
leupas tina kokotor kahirupan di ieu alam


Tidak ada komentar:

Posting Komentar