Selasa, 14 Oktober 2014

Patilasan kaagungan Ramena ku pangaranan pasundaan kiwari kur rame kupangakuan.....


Lampah katineung ati, pasundan panilam sono
ngajuangkeun kehoramatan martabat kaluhungan
kiwari pasundan ngajeurit diri... ninggal alam ku padungdengan
alam higar kagorangan..ninggal komara angkat ku harta
ninggal negri teu walagri,... pinuh ku rasa dengki, iri hati
naha..naha.nya kamana..ieu pangeusi negri, kiwari teu pasutri

ktineung paninggal lulumpatan..lumpat loloncatan
loncatna ku tarik pisan,... piweujang ku hese benang
dipawenang diantosan.. panilam kasonoan rahmatna kasucian
kiwari kari gori.. kiwari konci ngahiji di eta negri.......
balukarna alam ngembang..balukarna alam ngonci.........
ngan hanyakial eta konci..pasutri diri.. hese bisa dingarti
naha..naha..aya naon...nya jang
katineung paniis ati... bari sumebar kawilujeungan
isin isin nya nataku..isin nya diri abdi
bari gumujeung anjeuna.. enggal angkat ku piwejang
harita sumebar diri..harita sumebarna ati
patilasan paangkatan,,katinggal kapunjulan
kiwari eta makomna..kiwari eta harkatna....
teu aya dikiwarina.. kur seur nu ngakuna...
harkatna teu aya dina lakuna...................
siliwangi kapunjulan..siliwangi patilasan
harkat agung kamajeungan..martabat kahomatan
kiwari kur tinggal sesebutan.........................
kitu pancen kaayaan..kitau pancen kanyataan
ramena.. agung kur sabatas pangaranan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar