Selasa, 14 Oktober 2014

Hayang jauh anggang awal ngahontal di ieu alamna


Hayang aya pangakuan.. hirup rejeung kahormatan
mana deudeuh mana Asih.?? makom agung kahirupan
teu wujud teu ngawujud...mana aya kahormatan........
mana aya pangakuan..nu kasaksi jauh dina tatanan kahirupan

kahayang jauh anggang nenjo bulan
pimanaeun kaajulna......................
gantar hese tepina..taraje eweuh nu jangkungna
mana bisa..kahayang jauh anggang mimitina
hese ngarti..hese kaharti..duduluran di ieu alam
kur ngartikeun..kur nganyahokeun..padungdengna kahirupan
loba loba riributan..... paributan paisan kosong
ngan ktinggal jiga benerna..jiga enyana
teuing saha nu maenna..geular geular hukum di ieu alamna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar