Minggu, 09 November 2014

Anggapan nu kamaknaan

Anggapan nu benang kahadeanna

Genah mungguh pandanganna
goreng kitu anggapanna
kumaha condong dirina
nu ilahar aya dina hatena
nu ngahirupkeun eta leleumbutanna


Hade can tangtu jadi kahadean
kitu oge goreng can tangtu jadi kagorengan
hade eta anggapan, kitu oge goreng saukur anggapan
cukang jang tinemu nu jadi kaluhungan

cukang nu jadi pamikiran
cukang nu dipikiran
didinya loba loba jalan
tinemuna kaagungan

teu ngaleunyepan lengit harkat kadudukan

Pancarobana kahirupan
nu matak ngaleungitkeun kadudukan
pangkat kamulyaan holipah di bumi alam

Aneh bin ajaib mangsa kiwari
kaayaan rejeung kanyataan teu jadi paleunggeran
teu ngajadikeun pamikiran,nata hirup nu bakal datang


kaayaan rejeung kanyataan pugugh puguh karandapan,
susah teu salalawasna...kitu oge genah teu satuluyna

.
Hirup nyata pancaroba,
robah robah nu jadi alamna,
mangsa mangsa dina nyatana,
terus jeng terus alam muter kitu buktina

kodarat alam dina nyatana,
ngalingkupi ka pangeusi alamna
kitu buktina kajadian kitu bukti kanyataan,..
keluh kesah teu jadi ngarobah kaayaan

keluh kesah teu ngarobah kadudukan
malah malah jadi jadi kabiasaan nu ngahiankeun
Ngaleungitkeun kadududukan..hilang kapangkatan
nu kasebat kamulyaan. holipah di ieu alam

dimana pamikir jeung panilaina teu jadi hirupna
leungit kahormatan pangkat nu jadi kamulyaan,..

Ajaran nu jadi kawajaran


Ngarana oge di ajar nu puguh mah laku teh wajar
karena keur di ajar, kawajaran nu make ajeuran
cukang nu jadi lantaran,.probahan nata hirup nu bakal datang

Lain hade tanpa kawajaran, lain hade teu make ajeuran
kitu peta lain ajaran..kitu peta lain pangajaran..
kitu nyata ka kurangajaran..peta kitu moal aya perobahan
ngahancurkeun masa depan..ngaruksak kahirupanna sorangan

Ngarana oge ajaran.. nu kudu jadi pakean
nutup aeb kahirupan..ku rupa cara jadi kaendahan
kitu ajaran ngarobah kaayaan..ku pirang pirang kanyataan
sangkan aya perobahan nata hirup nu bakal datang

Hirup kudu taki taki kalayan taliti loba nu wara wiri di ieu negri nu kasilih ku jungti..........

Kur jiga jeung carita
deudeuh dina ucapna, asih kur caritana.
teu kalayan aya buktina, asih deudeuh dina faktana


kitu bukti kahirupan, hirup manusa kalolobaan
teu kalayan pamikiran, teu kalayan panilaian
manusa kitu euweuh hirupan.. hirupna geus diancurkeun


ku ucapan nu teu jadi kabuktian
ku carita nu teu jadi kanyataan
ku tingkah nu teu ngawaluyakeun
ku karya nu ngamadorotkeun
ku nyata nu loba nungahinakeun
hirup kitu euweuh martaban euweuh kahormatan
hirupna ges diancur ancurkeun....


rekadayana kahirupan, rekayasa cacaritaan
teu kalayan bebeneran,.. teu kalayan pertanggungjawaban
manusa kitu.. hirupna ges eweuh kawaluyaan
leungit martabat kahormatan..martabat kamanusian


ucapan dijadikeun bukti.. carita dijadikeun ciri
ngabaktikeun diri kana kaaslian diri.
dina fakta aya carita, dina nyata aya lisan nu cumarita
ucapan jadi perbuatan carita jadi kahirupan
paripolah nata hirup di ieu alam

Bukti jeung ciri nu jadi diri isarat nu pasutri ngadohir di eta diri

Euweuh ti dirina..
naon nu rek di ceukeulna
ngangon puguh aya ternakna.
tali puguh nyangkredna
tani puguh aya sawahna..

mupuk aya pepelakanna.

naon nu rek dipelakna,
dimana eweuh jagatna
naon nu jadi pupukeunna,
dimana euweuh tatanenna

naon nu rek jadi pibuaheun
eweuh kembangna
naon nu rek jadi tungguaneun
euweuh nu jadi garapan

puguh diri kitu nyatana..
aya ciri aya janji ayana bukti
ngadohir di tiap tiap diri...

katinggal dina nyatana
katinggal dina kaayaan eta hirupna,
dina tingkah paripolahna
bukti jeung ciri,..isarat nu jadi diri
ngadohir di eta diri dirina

Pitutur nu kahatur nu ngawiljeungkeun

Puguh nyata teu boga daya
puguh nyata eweuh kawasa
pitutur teu jadi rupa
ka jalma nu teu boga rasa
pitutur teu jadi kahadean 

ka manusa, nu manusana sok salin rupa

pitutur teu jadi berkah
kamanusa nu salah kaprah
kabisana ngieun codekah
ku tingkah nu salah kaprah

pitutur eweuh gunana
teu kawasa nyaangkeunna
teu daya bisa nenangkeuna
nalika kapoekan nu jadi hatena
ku alabatan dosa dosana......

kadengkian nu jadi pamohalna
kalicikan nu jadi jalanna
bohong dina ucap jeung caritana
tingkah hirup di ieu alamna

sanyatana ku pitutur bisa di atur
nalika nincakna make aturan.....
pitutur ngahaturankeun.............
pitutur ngawilujeungkeun...........
pitutr nga,uwuksalamkeun........
dina rasa nu ngabagyakeun

nalika kaluar tina aturan,, hirup asal asalan
mana bisa pitutur ngahaturan ngawilujeungkeun
ngabagyakeun...pitutur kur asal bisa sesebutan
asal bisa cacaritaan.. teu aya nu bisa dirasakeun
pitutur teu jadi dohir kahirupan..